:

Padamelan Rasul-rasul 25

1

Sanggeus tilu poe ti barang sumping ka kagupernuranana, Festus angkat ti Kesarea ka Yerusalem.

2

Para imam kapala jeung jalma-jalma parenting di Yerusalem daratang ka anjeunna merkarakeun Paulus,

3

jeung marenta kurniana sangkan Paulus diiangkeun ka Yerusalem. Maksud maranehna nu saenyana mah rek maehan Paulus di jalan.

4

Waler Festus, "Paulus ditahan di Kesarea, tur kaula rek buru-buru balik ka ditu.

5

Pamingpin aranjeun bae ka daritu bareng jeung kaula, pikeun ngelakkeun manehna lamun enya salah."

6

Festus calikna di Yerusalem teu leuwih ti sapuluh poe, tuluy mulih ka Kesarea. Teu talangke deui isukna terus muka pangadilan, Paulus dipiwarang jogo.

7

Sanggeus aya di pangadilan, Paulus pada ngalingkung ku urang Yahudi anu geus daratang ti Yerusalem. Paulus ku maranehna dikelakkeun tina rupa-rupa kasalahan anu bareurat, tapi maranehna teu barisaeun ngabuktikeun.

8

Ku Paulus diwaler kieu, "Sim kuring teu gaduh dosa boh kana Hukum Musa, boh kana Bait Allah, boh ka Prabu Rum."

9

Ari Festus bawaning ku hoyong kaanggo ku urang Yahudi, mariksa ka Paulus, "Daek lamun perkara maneh dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu disaksian ku kami?"

10

Waler Paulus, "Jisim abdi ayeuna nuju aya di Mahkamah Pangadilan Prabu Rum, nya di dieu kedah diputus teh. Gamparan langkung uninga, jisim abdi teu gaduh kalepatan ka urang Yahudi.

11

Saupami jisim abdi lepat, milampah anu manjing hukum pati, jisim abdi moal embung paeh. Sawangsulna upami pakelakan maranehna teu aya buktosna, moal aya nu tiasa maksa nyerenkeun jisim abdi ka maranehna. Jisim abdi nyuhunkeun apel ka Prabu."

12

Sanggeus barempag jeung Mahkamah, Festus ngawaler ka Paulus, "Pamenta maneh apel ka Prabu diluluskeun."

13

Teu lila deui, Raja Agripa jeung Bernika sarumping ka Kesarea, kersana ngawilujengkeun ka Festus.

14

Sanggeus meunang sawatara poe, Festus nyarioskeun hal Paulus ka eta raja. Saurna, "Peliks ngantunan hiji sakitan di pangberokan.

15

Nalika sim kuring ka Yerusalem, eta sakitan teh dikelakkeun ku para imam kapala sareng ku para kokolot urang Yahudi, sareng disaruhunkeun supados dihukum.

16

Sanggem sim kuring, urang Rum tara mikeun jalmi sangkan dihukum, upami anu ditudingna teu acan padu hareupan sareng anu nuding, sareng teu acan dipaparin kasempetan ngabela.

17

Sadongkapna maranehna ka dieu, teu talangke deui enjingna sim kuring muka pangadilan. Saparantos sakitan dijogokeun,

18

lajeng pada ngadakwakeun. Nanging geseh tina pangira, anu ditudingkeunana teh sanes perkawis kajahatan.

19

Perkawisna mung ngeunaan sual agama maranehna sareng perkawis Yesus anu parantos maot, dupi sanggem Paulus mah hirup.

20

Bawaning ku ewed mikiran eta perkawis, Paulus ku sim kuring ditanya daek henteuna upami dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu.

21

Nanging sanggemna bade apel, sareng nyuhunkeun tetep ditahan di dieu memeh diputus ku Prabu."

22

Saur Agripa, "Sim kuring hoyong ngupingkeun eta jalmi." Waler Festus, "Mangga, enjing."

23

Poe isukna Agripa jeung Bernika sarumping reujeung sagala upacara, kacida garindingna, lalebet ka gedong pangadilan diiring ku para gegeden militer jeung menak-menak kota eta. Seug Festus marentahkeun supaya Paulus dideuheuskeun.

24

Ti dinya saur Festus, "Sang Raja Agripa sareng hadirin sakumna. Jisim kuring ngunjukkeun ieu jalmi, anu diperkawiskeun ku sakumna urang Yahudi di dieu sareng di Yerusalem. Sanggem maranehna ka jisim kuring, dugi ka tinggarero, ieu jalmi teh parantos teu pantes dihirupan.

25

Nanging pamendak sim kuring ieu jalmi teu pisan milampah anu manjing kana hukum pati. Malah ku margi jinisna hayangeun naek banding ka Prabu, ku jisim kuring bade dideuheuskeun.

26

Mung naon anu kedah diunjukkeun ka ditu dina serat, reh teu aya perkawisna anu pasti. Ku margi kitu ayeuna diunjukkeun ka sakumna hadirin, agungna ka kersa gamparan, nun Raja Agripa! Supados saparantos dipariksa perkawisna, ku jisim kuring tiasa diunjukkeun dina serat.

27

Reh ku emutan kalintang henteu saena nyanggakeun sakitan henteu kaunjukkeun perkawisna."

Link: